Assalamualaikum....
Lirik Syairan pepeling kanggo santri salafi.
Link download KLIK DISINI
#lirik
Eling eling sadaya santri
Mun hayang barisa ngaji
Sing garetol ngararaji
Sing paheula heula gumuji
Jauhan sagala larangan
Lakonan sakur parentahan
Tong mangan mangan haram
Makruh subhat jauhan
Sabab eta kabeh koncina
Keur nyiar elmu agama
Supados kengengna rahmat
Lan taofek nu melekat
Masantren kedah telaten
Getol getol ngapalkeun
Kudu daek kana nuliskeun
Elmu anu atos di ajikeun
Eling eling para santrii
Mun hayang betah nyantri
Kedah wani nahan diri
Tina sagala cocoba diri
Bear budi kedah aya
Semar mesem kasadayana
Sili bantu ka papada
Tong nyieun piamekeuna
Koncina hiji ku berehan
Mun hayang akrab kenalan
Sareung seu'eur kawan kawan
Ulah sok sosorangan nan
Pami anjeun bangeut koret
Pokna kawan hayang ngepret
Ka jalma nu koret pisan
Hirup moal boga babaturan
Jeung bahasa kedah di jaga
Tong rumasa pang lilana
Ngomong jadi sakecapna
Ka santri nu anyar aya .
Tutup ku sagala puji
Ka gusti nu maha suci
Sareung solawat ka nabi
Mugi baris nyafaatan diri..
Amiinn..
"end...
Wassalam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar