Kamis, 17 November 2016

Lagu dan Lirik syairan santri salafi - budaya sunda

*******assalamualaikum*****

Dina waktos aina simkuring bade ngeshare keun iyeu lirik syairan santri salafi . Di tambih ku lagu na.
Sumangga nu bade maca atanapi copy .

Link download syairan DISINI

Ling download syair ke 2 Disini
************
                   LIRIK ***********

Sampurasun orang sunda
Kudu cinta ka nagara
Lain arti hubbudunia
Seja mumule tanah sunda

Hubbul waton minal iman
Hayu cinta ka lingkungan
Pertahankeun tanah pasundan
Eta saparo tina iman

Henteu sakur sunda nyunda
Da aya sunda nu teu nyunda
Sapertos kaum belanda
Nu ngajajah indonesia.

Nu te ngarasa cinta
Cinta ka tanah sunda
Cinta nagara indonesia
Eta titisan na balanda

Ciri cirina orang sunda
Daek nulung ka sasama
Repeh rapih ka papada
Sopan santun ka balarea

Gaya tong ka barat baratan
Pake gaya mah pasundan
Repeh rapih gemah ripah
Tengtrem anyem tur bingah

Sopan santun depe depe
Anap asor sili palire
Daek nulung ka sasama
Eta ciri na orang sunda

Pake pakean pasundan
Sarung pangsit di iketan
Bari bodas papakean
Baju budaya pasundan

Lestarikeun ka sunda'an
Lestarikeun ka budayaan
Nu hade mungguh agama
Budaya kudu di jaga.

Tutur catur haleang
Ti abdi pun kakang
Jalma lemah ti sunda
Nu keur di ajar nyunda..

"end

******WASSALAMUALAIKUM*****

Tidak ada komentar:

Posting Komentar