'Asalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh'
Dina waktos aina sim kuring bade ngeshare ieu syairan .
Abdi nampi ieu syairan ti teteh.santri orang pasir santri :D .
Anu berjudul 'SYAIR KEMBANG SEMBOJA'
Ngalalakon keun asal kembang semboja nu tumbuhna di astana.
Abdi ngsharekeun ieu syairan mp3 oge lirikna .
Anu ber part (bersambung) sareng anu full mp3 .
Yang ber part memakai lagmah kekinian :D
Dan yang full memakai lagmah aslinya.
Jadi yang full dan ber part beda2 lagmah yah.
Arandika tiasa ngadonlot langsung ti ieu blog . Sareung abdi nyarankeu kange ngadonlot ngange UC BROWSER supados langkung gampang ..
Mangga di donlot wae »»»
Syair kembang semboja full - 12.8 mb
Syair kembang semboja part 1 -5.3 mb
Part 2 - 4.8 mb
Part 3 - 4.5 mb
Part 4 - 5.1 mb ..
*******lirik syairan kembang semboja******
ku bismilah dikawitan
Ieu kisah di nadzomken
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rohmatna pangeran
Kisahna kembang semboja
Jadi bercabangna dua
Nu te asing jeung teu langka
Nu tumbuhna di astana
Ka caturkeun dua santri
Santri pria santri istri
Saling deumen dan sehati
Berpadu cinta sejatiii
Ki ahmad eta namina
Jeung siti mar'ah namina
Sanjan panggihna langka
Tetep nyaah jeung satia
Barang dina hiji mangsa
Ki ahmad ngalih mondokna
Siti mar'ah teu kawasa
Bari nangis jeung nyarita
Siti mar'ah sesegrukan
Ntariosna alaon pisan
Pami nyampe di tujuan
Tong hilap enggal nyeratan
Ki ahmad ngawaler sopan
Jawabna atuh kantenan
Masa aku melupakan
Dirimu yang aku sayang
'Kalau ada sumur di ladang
Bolehlah menumpang mandi
Kalau ada umur panjang
Bolehlah berjumpa lagi'
Siti mar'ah meseum manis
Cahaya'an eujeung geulis
Sanaosna rejeng nangis
Siti mar'ah tetep geulis
Tos lami ka caturkeun
Mun rindu hati mereka
Silih suratan belaka
Tuk mencurahkan hatinya
Ka catur ibu rama na
Ka siti mar'ah nyarita
Kedah enggal ka bumina
Nya ngawaro jeung teu nyangka
Teu nyangka rek di tikahkeun
Sabab hanteu ngawartosan
Mulang ge ngan ngajalankeun
Pamundut ortu mah sieun
Sanajan bari teu suka
Di jodohkeun ibu rama
Siti mar'ah nya kapaksa
Hate na sakit tersiksa
Pernikahan siti mar'ah
Membuat ki ahmad resah
Laku lampah serba salah
Dahar nginum teu ngarenah
Ibu rama siti mar'ah
Lain tega jeung teu nya'ah
Miwarang enggalan nikah
Ninggal banda nu berlimpah
Orang tua nempo harta
Nu kitu matre ngarana
Kajeun teuing agama na
Yang penting terlihat kaya
Ringkeus bae ieu carita
Ki ahmad leuwih sangsara
Nepika heunteu damangna
Panyawatna beuki parna
'Meuncit meuri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh di tikah batur'
Kumaha duh kumahakeun
Teu bisa di papalerkeun
Banget hese di singkirkeun
Apa anjeun ngarasakeun
Pami anjeun tidak tau
Rasa pahitnya diriku
Seperti minum empeudu
Mending jika minum madu
Ki ahmad hatena nangis
Pedih bagaikan di iris
Te aya seorang pun medis
Miceun panyakit nu sadis
Teu lami ki ahmad mati
Nyawa di ambil ku gusti
Mungkin sabab sakit hati
Sampe memasrahkan diri
Siti mar'ah nya terangeun
Sabab aya nu nyampaikeun
Geubeug hatena reuwaseun
Kumaha duh kumahakeun
Memangna ge siti mar'ah
Teu bagja ti awal nikah
Fikiran selalu gundah
Hatina selalu resah
Rejeung ti saprak nikahna
Membatin selalu dirina
Hese ngahilangkeuna na
Ki ahmad dalam batin na
Sanaos sareung caroge
Teu bisa malingkeun hate
Sakapeung sok hare-hare
Teu mayunan ka caroge
Di tambah aya berita
Ki ahmad meninggal dunia
Hatena semakin gila
Dzohir bathina tersiksa
'Di mana surya tenggelam
Menunjukan waktu malam
Fikirana sok melayang
Memikirkan seseorang'
Seseorang anu pernah
Di hatena siti mar'ah
Ki ahmad anu terpisah
Terpisah karna nikah
Sakapeung sok pangkeseulkeun
Caroge anu budiman
Di taros jarang nembalan
Ngajanteunkeun panasaran
'Aduh nyai bojo engkang
Naon anu di emutan
Jawabnateh aduh eungkang
Abdi hoyong ka kuburan'
Caroge na teu ngulahkeun
Malihana ngajajapkeun
Naon anu di suhunkeun
Mangga bae di jalankeun
Ka caturkeun sering pisan
Siti mar'ah ngajarahan
Ka kuburan popotongan
Anu hanteu ka jodokeun
Upami wangsul zarahna
Sok nguping aya sora
Sora na hiji jalma
Hante jirim dedegna
Sanaos bari teu jirim
Siti mar'ah atos yakin
Teu bisa di lain lain
Sora ki ahmad tos yakin
Eta sora kieu pok na
'Aduh meren pasti bagja
Lamun urang teh laksana
Namung hanyakal teu lana
Teu lana hirup kaula
Di dunia sakiceup mata
Teu aina sugan jaga
Bakal panggih ejeung bagja'
Teu bisa di sanes-sanes
Da puguh sora teh bentes
Hatena sangat tergores
Mulang ge teu bisa he'es
Di ringkes ieu riwayat
Siti mar'ah sakit berat
Nya anjena teh wasiat
Waktos anjena sakarat
Pami engke di kuburkeun
Siti mar'ah teh nyuhunkeun
Ulah henteu di rendengkeun
Caket ki ahmad gigireun
Barang tos cundung waktosna
Siti mar'ah tilar dunia
Di panggil kunu kawasa
Robbul alamin nu mulya
Kacarioskeun pupusna
Di laksanakeun pentana
Nya tumbuh kembang semboja
Ka tinggal bercabang dua
Mung sakitu nu katampi
Kisah iyeu ku sim abdi
Alhamdulillahi robbi
Di tutup sampe disini ...
tamat..
******wassalamu alaikum*****
Tong hilap share ka rencang2 na nya ..
Share ka fb atawa tweetna .. ;)
"""'''''
penulis by' th.N. Syapuro
Edited by' mumu abdul aziz (abm2)
Recorder by' m.dadan
Rilis : 23-12-2016
.............
Add fb saya" »» disini