Tampilkan postingan dengan label syairan santri salafi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label syairan santri salafi. Tampilkan semua postingan

Rabu, 01 Mei 2019

syairan

ki bismilah abdi ngawiti
bde ngawantunkn diri
nguray syairan insani
nu nuju maridun qolbi

hirup asa tos teu puguh
tos asa bnget teu mampuh
kanyeri t sembuh sembuh
emutan asa teu puguh

emutan abdi ka cida
rasa bingung nu puhara
ngajantenkn putus asa
hirup pinuh ku panyiksa

harepan sagala ancur
na iraha bade mujurr
hirup asa te ngajalur
banget tebih sareng batur

ya robbi bantos sim abdi
pasihan ka kiat diri
pikeun nandangan kanyeri
mayunan kasedih atii

sagala nu di harepkeun
hanteu acan di kersakeun
kabingah nu di suhunkeun
kasedih nu di sumpingkeun

meni kieu nasib abdi
nalangsa teh banget lami
iwal ti hiji nu ngarti
waqtu nu silih berganti

teu ngawujud teu laksana
teu kantos sumping bagja na
Cinta abdi k anjeuna
Estu ngan ukur caritaa

Anjena nu di pihareup
tapi bangun anu ngantep
padahal manah tos tetep
mayunan hirup k hareup

siang weungi di gugulung
ku kasedih jng kabingung
te aya akhir teaya tungtung
Asa peurih na jajantung

tos bosen hirup nyalira
tos hyong enggal berdua
tapi sadaya teu bisa
bahagia ukur carita

jujur abdi bangeut beurat
jng salira keudah peugat
tapi eta atos qodraat
ti roh mahfud tos terserat

anjeun nudi pika nya'ah
anjeun sang puja'an manah
tapi naha kdah pisah
duh gustii sim abdi pasrah

ya allah jagii anjeun na
sing di jaga manah na
abdi nyaah ka anjeuna
lahir batin jiwa raga

keclakan ci soca abdi
jadi saksi jadi ciri
ciri ka sakitan abdi
tina cinta nu teu bukti

isbir yaa maliikilqolbii
laa thzan litaa'alumii
anta da'iman fi kolbii
walau la bil mujtami'ii

sobar hei pamilik ati
tong sedih ngemutan abdi
anjeun langgeung na diri
sok sanajan teu ngahiji

QOD TAMMA HADZA SYI'RI

Minggu, 05 Februari 2017

SYAIR INSFIRASI SANTRI

Iye Abi Anu hina
nyieun nadzom saqodarna
nrangken nte ngajina
moal nte kasasarna

te ngaji ilmu tauhid
tekad nage ulad alid
nte beda cra hileud
kbwa ku cai palid

mun te ngaji ilmu nahwu
ngaji nage moal timu
moal beda cra tamu
gawe na ngan suma seumu

mun te ngaji kitab sorof
tangtu moal bisa nasrif
cra jlma sakit saraf
ngomongna arap'ap Areup'eup

mun te ngaji ktb fiqih
mas'alah moal kapanggih
jiga jlma anu sugih
te beda jg nu cirigih

te ngaji ilmu tasauf
ulah nyebutkn ges cukup
sbabna nte tawaqup
kna sgala rupa gugup

mun teu ngaji ilmu manteq
ngadalilna kucrak kacreq
kwas jlma geger otak
pagawean utrak atrok

anu ngaji ilmu mantek
fahamna tangtu nerektek
te beda jlma ngotektek
kna sgala rupa ngotak

lmun apal ilmu mantek
tangtu moal sasar otak
sbab ari ilmu mantek
parantina ngasah otak

ari jlma anu ngotak
moal slah apal mantek
mna loba anu botak
sababna te weuleh ngotak

te ngaji ilmu ma'ani
fahamna ge moal uni
kalimahna nte murni
sabab te ngaji ma'ani

mun te ngaji ilmu bayan
kalam nateh kababayan
kwas jlma anu ayan
nakrir na apay apayan

anu timu ilmu bayan
sgala rupana temen
moal cra sikabayan
gawena ngan jalan jalan

matak kudu ngaji bayan
supaya te salh jlan
sabab ari ilmu bayan
paranti ngatur cariosan

mun te nyaho ilmu bade'
ngomongna moal kapake
hnte beda cra eumbe
disadana ngaberele

nyakitu jg ilmu tajwid
kwajiban kabeh murid
ulah kawas himar balid
bacaana ulad alid

mun te ngaji kitab burdah
ngaji kudu krna allah
sabab nerangken mahabbah
mahabbah ka rasulullah

pangna diaranan burdah
taya nu lewih mahabbah
mahabbahna lewih indah
anging anu ngarang burdah

anu mashur nagarana
busyiri jeuneunganana
muga syafa'at manteuna
umumna kasadayana

namung sakiye buktosna
muga aya manfa'atna
kulawarga sadayana
muga nyuhunkn do'ana

jlmi nu sakiyeu dzoif na
tur nu kacida hina na
abdi teh lain ahlina
kna ngadamel nadzomna

_______>_____>_____>_____________

By = nenk istiqomah
Copy from = facebook
Repost by = m.a.aziz {abm2)

Jumat, 23 Desember 2016

Syairan kembang semboja (full lyiric dan mp3)

'Asalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh'

Dina waktos aina sim kuring bade ngeshare ieu syairan .
Abdi nampi ieu syairan ti teteh.santri orang pasir santri :D .
Anu berjudul 'SYAIR KEMBANG SEMBOJA'
Ngalalakon keun asal kembang semboja nu tumbuhna di astana.

Abdi ngsharekeun ieu syairan mp3 oge lirikna .
Anu ber part (bersambung) sareng anu full mp3 .
Yang ber part memakai lagmah kekinian :D
Dan yang full memakai lagmah aslinya.
Jadi yang full dan ber part beda2 lagmah yah.

Arandika tiasa ngadonlot langsung ti ieu blog . Sareung abdi nyarankeu kange ngadonlot ngange UC BROWSER supados langkung gampang ..

Mangga di donlot wae »»»

Syair kembang semboja full - 12.8 mb

Syair kembang semboja part 1 -5.3 mb

Part 2 - 4.8 mb

Part 3 - 4.5 mb

Part 4 - 5.1 mb ..

*******lirik syairan kembang semboja******

ku bismilah dikawitan
Ieu kisah di nadzomken
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rohmatna pangeran

Kisahna kembang semboja
Jadi bercabangna dua
Nu te asing jeung teu langka
Nu tumbuhna di astana

Ka caturkeun dua santri
Santri pria santri istri
Saling deumen dan sehati
Berpadu cinta sejatiii

Ki ahmad eta namina
Jeung siti mar'ah namina
Sanjan panggihna langka
Tetep nyaah jeung satia

Barang dina hiji mangsa
Ki ahmad ngalih mondokna
Siti mar'ah teu kawasa
Bari nangis jeung nyarita

Siti mar'ah sesegrukan
Ntariosna alaon pisan
Pami nyampe di tujuan
Tong hilap enggal nyeratan

Ki ahmad ngawaler sopan
Jawabna atuh kantenan
Masa aku melupakan
Dirimu yang aku sayang

'Kalau ada sumur di ladang
Bolehlah menumpang mandi
Kalau ada umur panjang
Bolehlah berjumpa lagi'

Siti mar'ah meseum manis
Cahaya'an eujeung geulis
Sanaosna rejeng nangis
Siti mar'ah tetep geulis

Tos lami ka caturkeun
Mun rindu hati mereka
Silih suratan belaka
Tuk mencurahkan hatinya

Ka catur ibu rama na
Ka siti mar'ah nyarita
Kedah enggal ka bumina
Nya ngawaro jeung teu nyangka

Teu nyangka rek di tikahkeun
Sabab hanteu ngawartosan
Mulang ge ngan ngajalankeun
Pamundut ortu mah sieun

Sanajan bari teu suka
Di jodohkeun ibu rama
Siti mar'ah nya kapaksa
Hate na sakit tersiksa

Pernikahan siti mar'ah
Membuat ki ahmad resah
Laku lampah serba salah
Dahar nginum teu ngarenah

Ibu rama siti mar'ah
Lain tega jeung teu nya'ah
Miwarang enggalan nikah
Ninggal banda nu berlimpah

Orang tua nempo harta
Nu kitu matre ngarana
Kajeun teuing agama na
Yang penting terlihat kaya

Ringkeus bae ieu carita
Ki ahmad leuwih sangsara
Nepika heunteu damangna
Panyawatna beuki parna

'Meuncit meuri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh di tikah batur'

Kumaha duh kumahakeun
Teu bisa di papalerkeun
Banget hese di singkirkeun
Apa anjeun ngarasakeun

Pami anjeun tidak tau
Rasa pahitnya diriku
Seperti minum empeudu
Mending jika minum madu

Ki ahmad hatena nangis
Pedih bagaikan di iris
Te aya seorang pun medis
Miceun panyakit nu sadis

Teu lami ki ahmad mati
Nyawa di ambil ku gusti
Mungkin sabab sakit hati
Sampe memasrahkan diri

Siti mar'ah nya terangeun
Sabab aya nu nyampaikeun
Geubeug hatena reuwaseun
Kumaha duh kumahakeun

Memangna ge siti mar'ah
Teu bagja ti awal nikah
Fikiran selalu gundah
Hatina selalu resah

Rejeung ti saprak nikahna
Membatin selalu dirina
Hese ngahilangkeuna na
Ki ahmad dalam batin na

Sanaos sareung caroge
Teu bisa malingkeun hate
Sakapeung sok hare-hare
Teu mayunan ka caroge

Di tambah aya berita
Ki ahmad meninggal dunia
Hatena semakin gila
Dzohir bathina tersiksa

'Di mana surya tenggelam
Menunjukan waktu malam
Fikirana sok melayang
Memikirkan seseorang'

Seseorang anu pernah
Di hatena siti mar'ah
Ki ahmad anu terpisah
Terpisah karna nikah

Sakapeung sok pangkeseulkeun
Caroge anu budiman
Di taros jarang nembalan
Ngajanteunkeun panasaran

'Aduh nyai bojo engkang
Naon anu di emutan
Jawabnateh aduh eungkang
Abdi hoyong ka kuburan'

Caroge na teu ngulahkeun
Malihana ngajajapkeun
Naon anu di suhunkeun
Mangga bae di jalankeun

Ka caturkeun sering pisan
Siti mar'ah ngajarahan
Ka kuburan popotongan
Anu hanteu ka jodokeun

Upami wangsul zarahna
Sok nguping aya sora
Sora na hiji jalma
Hante jirim dedegna

Sanaos bari teu jirim
Siti mar'ah atos yakin
Teu bisa di lain lain
Sora ki ahmad tos yakin

Eta sora kieu pok  na
'Aduh meren pasti bagja
Lamun urang teh laksana
Namung hanyakal teu lana

Teu lana hirup kaula
Di dunia sakiceup mata
Teu aina sugan jaga
Bakal panggih ejeung bagja'

Teu bisa di sanes-sanes
Da puguh sora teh bentes
Hatena sangat tergores
Mulang ge teu bisa he'es

Di ringkes ieu riwayat
Siti mar'ah sakit berat
Nya anjena teh wasiat
Waktos anjena sakarat

Pami engke di kuburkeun
Siti mar'ah teh nyuhunkeun
Ulah henteu di rendengkeun
Caket ki ahmad gigireun

Barang tos cundung waktosna
Siti mar'ah tilar dunia
Di panggil kunu kawasa
Robbul alamin nu mulya

Kacarioskeun pupusna
Di laksanakeun pentana
Nya tumbuh kembang semboja
Ka tinggal bercabang dua

Mung sakitu nu katampi
Kisah iyeu ku sim abdi
Alhamdulillahi robbi
Di tutup sampe disini ...

tamat..

******wassalamu alaikum*****
Tong hilap share ka rencang2 na nya ..
Share ka fb atawa tweetna .. ;)

"""'''''
penulis by' th.N. Syapuro
Edited by' mumu abdul aziz (abm2)
Recorder by' m.dadan
Rilis : 23-12-2016

.............
Add fb saya" »» disini

Selasa, 22 November 2016

Syairan santri salafi (+ lyrich) : jangan takabur

......... DOWNLOAD MP3....DI PALIH DIEUU »»»»»»»»»»»»^

Jangan pernah beranggap
Orang lain lemah

Karena yang menganggap
Dia lah yang lemah

Orang yang menangkap
Akhlaq yang sunah

Tentu akan menghadap
Kekasihnya allah

Akhlaq tawadu' harus di alap
Jadi diri yang ramah

Sopan santun dan menganggap
Orang lain lebih gagah

Itulah yang di anggap
Sebagai akhlaq sunnah

Orang yang sakit jiwa
Akan susah obatnya

Ada yang lebih dari itu
Yaitu hati bagai batu

Yang disebut udah masyhur
Itu orang yang takabur

Yang merasa bahwa dirinya
Makhluq paling mulya

Dan dia selalu merasa
Bahwa dirinya paling kuasa

Dia tak menerima nasehat
Yang ada malah menghambat

Dia tak menerima pepatah
Yang ada malah membantah

Semoga kita di jauhkan
Dari itu akhlaq syaitan

Karna itu yang membawa
Kita masuk neraka

Marilah kita perbaiki
Dengan mengaji pada kiyahi..

"end..

Lyrich by : abm2 mumu
Cipt : m.aziz
Bahar by: m.aziz

Sabtu, 05 November 2016

kumpulan syairan santri salafi

****** syairan santri salafi *****

assalamualaikum .

wilujeung patepang deui sareung sim kuring di blog simkuring .
kumargi kiwari menang beja tinu benang di percaya bahwa ieu syairan santri salafi nuju tren di kalangan para santri .
ku kituna sim abdi ngeshare keun ieu sababara syairan .
pamugi sing jadi pangbeberah kana manah panghibur kana qolbu
sareng pamugi nu saena sing jadi pepeling kana diri .
jeung pamugi tiasa raosen di dangukeun na .
mangga ath pami bade ngadarangukeun kana ieu syairan mangga di download tinggal klik..

syiran - budaya sunda

syiiran - sampurasun orang sunda

syairan - pepeling kanggo santri salafi

syairan - jangan takabur

syairan - aqoidul iman

syiiran - santri anpas

syairan - santri salafy

mung sakitu heula nu kapihatur dina ieu kasempetan .
hapunteun bilih aya kalepatan dina segi nyarios atanapi ngetik iyeu postingan .

hatur nuhun parantos sumping ..