Rabu, 01 Mei 2019

syairan

ki bismilah abdi ngawiti
bde ngawantunkn diri
nguray syairan insani
nu nuju maridun qolbi

hirup asa tos teu puguh
tos asa bnget teu mampuh
kanyeri t sembuh sembuh
emutan asa teu puguh

emutan abdi ka cida
rasa bingung nu puhara
ngajantenkn putus asa
hirup pinuh ku panyiksa

harepan sagala ancur
na iraha bade mujurr
hirup asa te ngajalur
banget tebih sareng batur

ya robbi bantos sim abdi
pasihan ka kiat diri
pikeun nandangan kanyeri
mayunan kasedih atii

sagala nu di harepkeun
hanteu acan di kersakeun
kabingah nu di suhunkeun
kasedih nu di sumpingkeun

meni kieu nasib abdi
nalangsa teh banget lami
iwal ti hiji nu ngarti
waqtu nu silih berganti

teu ngawujud teu laksana
teu kantos sumping bagja na
Cinta abdi k anjeuna
Estu ngan ukur caritaa

Anjena nu di pihareup
tapi bangun anu ngantep
padahal manah tos tetep
mayunan hirup k hareup

siang weungi di gugulung
ku kasedih jng kabingung
te aya akhir teaya tungtung
Asa peurih na jajantung

tos bosen hirup nyalira
tos hyong enggal berdua
tapi sadaya teu bisa
bahagia ukur carita

jujur abdi bangeut beurat
jng salira keudah peugat
tapi eta atos qodraat
ti roh mahfud tos terserat

anjeun nudi pika nya'ah
anjeun sang puja'an manah
tapi naha kdah pisah
duh gustii sim abdi pasrah

ya allah jagii anjeun na
sing di jaga manah na
abdi nyaah ka anjeuna
lahir batin jiwa raga

keclakan ci soca abdi
jadi saksi jadi ciri
ciri ka sakitan abdi
tina cinta nu teu bukti

isbir yaa maliikilqolbii
laa thzan litaa'alumii
anta da'iman fi kolbii
walau la bil mujtami'ii

sobar hei pamilik ati
tong sedih ngemutan abdi
anjeun langgeung na diri
sok sanajan teu ngahiji

QOD TAMMA HADZA SYI'RI